Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

Sajak Sunda | Leumpang Peuting Karya Rachmat M. Sas. Karana

SAJAK SUNDA | LEUMPANG PEUTING KARYA RACHMAT M. SAS. KARANA




Wilujeung sumping deui jeung Campur Sari Com, dina waktos ayeuna sim kuring erek meudarkeun saeutik ngenaan conto sajak sunda anu judulna leumpang peuting anu di tulis ku Bapa Rachmat. M. Sas. Karana, pek regepkeun bae jeung  ti tenan conto sajakna di handap.


LEUMPANG PEUTING
Karya : Racmat M. Sas. Karana

Suku beurat momot beusi
kuring leumpang mapay-mapay jalan sepi
dayeuh kadeudeuh tibra keur ngimpi
dikeukeupan angin peuting
ngampar di luhureun wuwung

Dua budak ulin di sisi jalan
tanpa bal tanpa panggal
kaleci jeung momobilan

Dua budak adi-lanceuk
dakina kandel bajuna saroek
teu nyahoeun hartina waktu
bulan ngeumpur di langit biru
(kuring ngarakeutkeun beuheung baju)

Beuteungna nu tingkurubuk
seurina anu ngagakgak
pribumi anu darehdeh
ngajak kuring sangkan reureuh

Saha nu ngalahirkeun ka alam dunya
saha nu ngalungkeun ka dada kota
ti poe ka poe tambah loba bae

Suku beutrat momot beusi
kuring mapay-mapay jalan sepi

Mung sakitu bae ti simkuring ngenaan sajak sunda anu judulna lueumpang peuting anu di tulis ku Bapa Rachmat M. Sas. Karanan, anu tiasa di peudarkeun dina artikel ieu. Mudah-mudahan aya mangpaatna pikeun balarea.

Post a Comment for "Sajak Sunda | Leumpang Peuting Karya Rachmat M. Sas. Karana"