Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

Sajak Sunda | Sajak Tekad Karya Kis WS

SAJAK SUNDA | SAJAK TEKAD KARYA KIS WS

Wilujeung teupang deui jeung lamanna Campur Sari Com, dina ksempatan ieu saimkuring rek nyaritakeun saeutik ngeunaan conto sajak sunda anu judulna tekad anu di tulis ku Bapa Kis Ws. Supaya langkung eces pek we titenan conto sajak sundana di handap.

Karya : Kis Ws

Nyoreang ka alam tukang jaman tandang ku pakarang
prang-pring banbu runcing, maju rampak ngabedah benteng
maju...maju...! malar buru-buru cunduk ka peuntas ditu
ka taman endah nu marakbak tembong bangun teu anggang
panyileukkan umat nu lapar ku kawibawaan jeung kaadilan

kiwari geus meh sapuluh taun kebat lumampah
nyorang jalan nu teu diamparan ku kembang
maju bari nahan kanyeuri nincakan karikil seukeut
tapi itu taman panyileukan beut masih jauh
semet tembong lapat-lapat
Ya Robbi ! Singhoreng bet tembong gelor...

Rombongan nu asal rempeg sabilulungan
ayeuna aya nu  misah ngadon leumpang sasamayan
sawareh geus robah kiblat, kabengbat ku nu ngalalar saliwat
tapi nu bedas tekadna, leuwih suka rubuh tengah jalan
tibatan mengkol elodan, atawa mulang ngaligincing lantaran kecing
Bari yakin yen mungguh tangkal ros rimbil ku cucuk
sarta nu jejerih, mo laksana bisa metik !

Mung sakieu bae anu tiasa di sampaikkeun ku simkurimg ngeunaan conto sajak sunda anu di tulis ku Bapa Kis Ws. Conto sajak ieu simkuring kutip tina buku paket basa sunda kelas tujuh  a kurikulum 2013 anu judulna lancar pangdeudeul pangajaran basa sunda pikeun murid SMP/MTs, anu disusun ku Bapa Drs. Ahmad Hadi, M.Pd. anu di cetak ku CV. Atikan Mandiri halaman 47. Mudah-mudahan anu disampekeun ku simkuring bisa aya mangpaatna. Amiin

Post a Comment for "Sajak Sunda | Sajak Tekad Karya Kis WS"