Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

Rumpaka Kawih Sunda : Es Lilin - Campur Sari Com

Campur Sari Com. kali ini saya akn menjelaskan tentang rumpaka kawih sunda mudah-mudahan bisa bermanfaat bagi pemirsa semuanya.

Rumpaka teh nya eta puisi anu sok dilagukeun, boh dikawihkeun boh ditembangkeun. Rumpaka kawih sunda mah tangtu bae dikawihkeun. Upama nilik kadinya, rumpaka kawih teh diwangun ku dua unsur, nya eta rumpaka jeung kawih. Rumpaka rakeut patalina jeung sastra (puisi), ari kawih rakeut patalina jeung karawitan (seni musik). Tah dina pangajaran basa mah leuwih museur kana unsur rumpaka, anu kaasup kana kasusastraan nyaeta puisi. Sanajan kitu taya salahnna upama urang oge bisa ngalagukeun atawa ngawihkeun rumpaka anu keur dipeudar dina pangajaran basa.

Upama nilik kana rumpaka lagu Sunda buhun, umumna mangrupa sisindiran, nyaeta puisi anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Wangun sisindiran kapanggih dina rumpaka kawih Sunda kiwari, seperti anu aya dina Bubuy bulan, Sorban Palid, Cikapundung, Jeung Es Lilin. Tengetan geura contona dina rumpaka lagu Es Lilin di handap.

ES LILIN
Ciptaan Ibu Mursih

Es lilin mah Ceuceu kalapa muda
dibantun mah dibantun ka Sukajadi
Abdi isin dunungan samar kaduga
sok sieun mah aduh heunteu ngajadi

Es lilin mah Ceuceu buatan Bandung
dicandak mah geuning ka Cipaganti
Abdi isin jungjunan duh bararingung
sok inggis mah aduh heunteu ngajadi

Itu sah dunungan nu nungtun munding
diganteulan geuning ku saputangan
Itu saha dunungan ku ginding teuing
singhoreng mah aduh geunging jungjunan

Es lilin mah Ceuceu dikalapaan
raosna mah geuningan kabina-bina
Abdi alim dunungan paduduaan
sok sieun dibantun ka mana-mana

Ka mana mah geuningan ngaitkeun kincir
ka kaler mah katojo bulan
Ka mana mah dunungan ngaitkeun pikir
moal paler dunungan ku sabulan

Upama nilik kana rumpaka lagu Es Lilin di luhu, dina sapada diwangun ku opat padalisan, dua cangkang jeung dua eusi. Tapi jumlah enggangna dina sapadalisanna teh heunteu salawasna dalapan enggang, sakumaha biasana sisindiran. Eta hal teh lantaran diluyukeun jeung kabutuh wirahma laguna.

Nah, itu saja yang saya bisa sampaikan tentang rumpaka kawih sunda yang judulnya Es Lilin. Rumpaka Kawih Sunda ini saya kutip dari Garpra Basa pengajaran Basa Sunda pikeun murid smp/mts kelas VIII, Kurda Basa Sunda 2013 Revisi 2017 yang disusun oleh Bapak Taufik Faturohman, spk. Mudah-mudahan informasi yang saya sampaikan bisa bermanfaat bagi semuanya. Amiin.
Baca juga Contoh Teks Pidato Singkat yang lainnya
A
B
C
E
F
G
H

I
K
L
M
N
O
P
Q
R
S
T
U

Post a Comment for "Rumpaka Kawih Sunda : Es Lilin - Campur Sari Com"