Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

Contoh Sajak Berbahasa Sunda | Sajak Handapeun Langit Kota


Wilujeung teupang deui sareng simkuring dina lamanna Campur Sari Com, dina waktos ieu simkuring rek ngabewarakeun saeutik ngenaan conto sajak berbahasa sunda anu judulna handapeun langit kota anu di karang ku Bapa Rangga Rahadian. Pek titenan conto sajak dihandap.



Karya : Rangga Rahadian

Umurna sapuluh taun kira-kira
awakna kotor bajuna kucel
nyekel gitar enggeus belel
haleuang soranan teuing ku peura
lagunanteuing ku silung

Manehna kapaksa kudu pengkuh
handapeun langit kota
nu kebul pinuh karipuh
nandonkeun raga jeung nyawana
lantaran teu aya tempat
pikeun nyaluuh

Mun peuting aya angin peuting
nu heman nyimbutan
Mun beurang nya panas beurang
nu tuhu maturan

Ukur sakeclak kanyaah
jeung sakeuncring receh nu diteangan
nu sok ragrag na dampal leungeun.

Mung sakitu wae anu tiasa ku simkuring di caritakeun dina artikel ieu, ngenaan conto sajak berbahasa sunda anu judulna handapeun langit kota. mudah-mudahan conto sajak ieu aya gunana pikeun anjeun sadayana. Amiin.

Post a Comment for "Contoh Sajak Berbahasa Sunda | Sajak Handapeun Langit Kota"