Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

Babasan Sunda Berawalan Huruf H Lengkap dengan Contoh dan Pengertiannya | Bahasa Sunda

Babasan Sunda Berawalan Huruf H Lengkap dengan Contoh dan Pengertiannya | Bahasa Sunda. Paribasa Sunda atau biasa disebut babasan jeung paribasa tergolong seperti peribahasa-peribahasa pada umumnya, tidak jauh berbeda dengan bahasa lainnya karena Paribasa Sunda juga mempunyai kata kiasan tersendiri di dalam Paribasa Sunda. Berikut ini adalah Babasan Sunda Berawalan Huruf H Lengkap dengan Contoh dan Pengertiannya | Bahasa Sunda yang sengaja saya susun dalam abjad demi kemudahan anda dalam mencari Babasan sunda dan artinya.

Kita semua mengetahui bahwasanya di Indonesia kita ini kaya akan ragam bahasanya, salah satunya adalah bahasa sunda. Dalam bahasa sunda pun memiliki bermacam-macam peribahasa seperti bahasa-bahasa daerah pada umumnya. Untuk kemudahan dalam pencarian peribahasa sunda ini saya akan menuliskan daftar peribahasa sunda sesuai abjad agar lebih mudah mencari peribahasa-peribahasa sunda. Semoga dengan adanya koleksi Babasan sunda ini dapat membantu anda dalam mencari Babasan sunda.

Selamat membaca

Babasan Sunda Berawalan Huruf H Lengkap dengan Contoh dan Pengertiannya | Bahasa Sunda

Hampang leungeun pengertiannya gampang jeung resep teuteunggeul
Contohnya : Si Ibro mah hampang leungeun, teu kaop meunang katugeunah saeutik, sok gampang teuteunggeul

Hampang birit pengertiannya daekan (dititah)
Contohnya : Nineungna ku Jang Eon teh, hampang birit, tara aya basa embung dititah naon dititah naon oge

Hambur bacot murah congcot pengertiannya babari nyarekan tapi berehan
Contohnya : Diaku ari berehanana mah Pak haji teh, ngan eta adatna babari pisan nyarekan , Hambur bacot murah congcot

Hade lalambe pengertiannya alus ngomong wungkul, heunteu terus jeung hate
Contohnya : Ongkoh ceunah lamun geus ngadeg pabrik, pagawena teh rek diutamakeun penduduk di dieu heula. Ari buktina kumaha? jauh tanah ka langit. Tetela, hade lalambe wungkul pangusaha teh

Hade ku omong goreng ku omong pengertiannya sagala rupa perkara biasa dianggap hade atawa goreng ku batur gumantung kana caritaan urang atawa kana basa anu dipake ku uerang
Contohnya : Kamun tiheula Pa Kuwu nyaritana jentre mah, yen tanah bengkok teh rek dijieun pabrik, masarakat oge moal aya nu protes. Nu matak sagala oge hade ku omong goreng ku omong

Handap Asor Pengertiannya daek ngahargaan atawa ngahormat ka batur
Contohnya : Resepna ka Neng Umi teh henteu gumede. Sanajan ayeuna geus jadi artis beken oge, anggeur we handap asor

Handap Lanyap pengertiannya hormat tapi matak nyentug kana hate
Contohnya : Mermang Pa Unday mah ari ngomong teh basabna lemes dibarung ku rengkuh aanu hade, tapi kekecapanana matak nyeuntug kana hate, handap Lanyap nu kitu teh

Hapa heman pengertiannya taya panarima, taya pamales budi ka nu geus nyieun kahadean
Contohnya : Ari Si Ibro mah bet hapa heman, padahal kurang kumaha barng ku urang teh. Kilangbara atuh mulang tarima ieu mah teu basa-basa acan

Hapa hui pengertiannya teu jamuga
Contohnya : Ulah sok nyeubut ngaran bapa, pamali, matak hapa hui

Hapa-hapa oge ranggeuyan pengertiannya miskin-miskin oge salaki
Contohnya : Hapa-hapa oge ranggeuyan di dieu mah. teu cara Enden . Mari, enya oge benghar tapi jomlo

Harelung jangkung pengertiannya kacida jangkungna
Contohnya : Mang Entur mha atuda harelung jangkung, nu matak lengkahna oge panjang

Harewos bojong pengertiannya omongan anu diharewoskeun tapi kadenge ku nu deukeut ka nu diharewosan
Contohnya : Mang Entur mah, ongkoh ngaharewos ka Bi Entur, tapi kadenge ku kuring anu diuk gigireunana, harewos bojong atuh

Harigu manukeun pengertiannya harigu jelema anu nonjol ka hareup
Contohnya : Tah, Mang Konod anu harigu manukeun

Haripeut ku teuteureuyeun pengertiannya gampang kagoda ku dibibitaan
Contohnya : Nu matak ari jadi jalma ulah haripeut ku teuteureuyeun, bisi cara pa Maman, kapaksa kudu unggah balewatangan da disangka sailon ngagerejud duit nagara

Harus omong batan goong pengertiannya : beja nu ngandung pitenah (sensasi) gancang pisan sumebarna bari jeung sok ditarambahan
Contohnya : Geuning soal koprupsi di Bank Cibeo teh geus nyebar ka mana-mana, jadi rame deuih dongengna oge, abong harus omong batan goong nya

Haseum budi pengertiannya : Leuwih loba baeud jeung cambeurut batan seuri atawa marahmay. Sabalikna tina amis budi
Contohnya : Si Eta mah teu dipikaresep ku batur teh, pantes we haseum budi 

Haseum kawas cuka bibit pengertiannya : kuraweud haseum, teu mere budi
Contohnya : Basa urang ka imahna, paromanna mani haseum kawas cuka bibit. Samarukna meureun urang teh rek menta sumbangan

Hawara biwir pengertiannya : resep ngabeja-bejakeun perkara anu tacan tangtu bakal dilaksanakeun atawa hal anu lila keneh kana waktu dilaksanakeunana
Contohnya : Pa Onde mah hawara biwir, meh ka unggal hulu bebeja yen manehna rek jarah ka Mejkah. Padahal ceuk pamajikanana mah, duka bisa indit duka moal ka dituna teh

Hayang leuwih jadi leweh pengertiannya : hayang untung kalah rugi
Contohnya : Basa harga cengkeh Rp. 6.000 sakilo, Emang meulian. Sugan teh rek naek, ari heg kalah ka turun hargana jadi Rp. 3.000 sakilo. Tungtungna mah hayang leuwih jadi leweh. Pkona mah harita Emang teh rugi gede we

Hayang untung kalah buntung pengertiannya : il.Hayang leuwih jadi leweh
Contohnya : Basa harga cengkeh Rp. 6.000 sakilo, Emang meulian. Sugan teh rek naek, ari heg kalah ka turun hargana jadi Rp. 3.000 sakilo. Tungtungna mah hayang untung kalah buntung. Pkona mah harita Emang teh rugi gede we

Hejo cokor badag sambel pengertiannya : dusun pisan
Contohnya : Nyi Kenoh mah abong urang Nanggorek, hejo cokor badag sambel. Dibawa ka Bandung teh kalah palahak-polohok

Hejo tihang pengertiannya : teu ceehan, resep pipindahan 9imah) atawa gunta-ganti pagawean
Contohnya : Pa Sukri mah hejo tihang ,  taun ieu bae teuing geus sabaraha kali pindah gawena teh

Henteu cai herang-herang-acan pengertiannya : teu disuguhan nanaon
Contohnya : Basa urang nganjang ka imah Pa Onde, lain bohong henteu cai herang-herang-acan

Henteu jingjing henteu bawa pengertiannya : teu mawa oleh-oleh keur nu dijugjug
Contohnya : Rek ka Mang Endil teh kudu sasayagian heula, piraku we atu henteu jingjing henteu bawa

Henteu unggut kalinduan henteu gedag kaanginan pengertiannya : pageuh nyekel tangtungan sorangan, henteu kapangaruhan kururuba jste
Contohnya : Sanajan digoda ku rupa-rupa cara, Cep Ato henteu unggut kalinduan henteu gedag kaanginan

Herang caina beunang laukna pengertiannya hasil maksud ku jalan badami, henteu ku paksa pirusa
Contohnya : Nu kudu dipikiranan ayeuna mah, kumaha carana sangkan herang caina beunang laukna ambeh ngeunah ka dua pihakanana

Hese cape teu kapake pengertiannya hanas ceuk rarasaan mah gawe teh soson-soson, ari heg dianggap salah ku dunungan atawa hasilna mubadir
Contohnya : Nyieun proposal teh henteu kapake ku dunungan mah, antukna jadi hese cape teu kapake, padahal eta teh meunang ngadukduk ngetik sapeupeuting

Heunceut ucingeun pengertiannya babari reuneuh
Contohnya : Dasar Bi Enok mah heunceut ucingeun, kakara oge sataun ngalahirkeun, ayeuna geus reuneuh deui bae

Heuras genggerong pengertiannya teu bisa ngeunahkeun hate batur ku omongan
Contohnya : Pa Saman mah henteu cocog mun jadi tukang ngalobi teh, sabab heuras genggerong

Heureut pakeun pengertiannya teu rea kaboga, saeutik pangasilan
Contohnya : Keur nu heureut pakeun saperti Mang Endil mah, beurat mun kudu nyakolakeun anakna nepi ka paguron luhur teh

Heurin ku letah pengertiannya teu bisa nyaritakeun perkara kasalahan batur, lantaran bisi aya matakna ka ditu ka dieu
Contohnya : Orang oge lain teu nyaho yen lampah Pa Ondi teh salah, ngan heurin ku letah nyaritakeunana

Heueuh-heueuh bueuk pengertiannya nyebut heueuh atawa mupakat tapi teu terus jeung hate
Contohnya : Si Ibro mah, ongkoh geus satuju moal kapapnjangan, tapi geuning buktina teu kitu. Tayohna mah basa diriungkeun teh ukur heueuh-heueuh bueuk

Hideung oge buah manggu, matak tigurawil bajing pengertiannya sanajan luarna teu pikabitaeun, tapi erona mah matak deudeuieun
Contohnya : Neng Tini mah hideung oge buah manggu, matak tigurawil bajing

Hirup dinuhun paeh dirampes pengertiannya  pasrah sumerah kana kersa Nu Maha Kawasa, lantaran geus beak dengkak
Contohnya : Pun aki teh tos lami henteu damangna, tos dilandongan ka ditu ka dieu, teu damang keneh bae. Ayeuna mah, ah,hirup dinuhun paeh dirampes, da raraosan mah sagala tarekah parantos dilaksanakeun

Hirup katungkul ku pati pengertiannya hirup ditungtungan ku maot
Contohnya : Urang teh salilana kudu sadar, yen hirup katungkul ku pati teu hade kateterusan ngalajur napsu

Hirup ku ibun gede ku poe pengertiannya sasat euweuh nu ngurus hirup kalantar
Contohnya : Saprak ditinggal maot ku indung-bapana, manehna hirup ku ibun gede ku poe, nu matak pantes sakolana henteu baleg oge

Hirup ku panyukup gede ku pamere pengertiannya euweuh gadag, teu daek atawa teu bisa usaha sorangan
Contohnya : Ayeuna mah manehna teh geus sawawa, geus teu pantes hirup ku panyukup gede ku pamere. Dihenteu-henteu oge apan maneh teh kudu rumah tangga, piraku rek kitu bae mah

Hirup ramijud pengertiannya hirup henteu ngalagu atawa hemteu ngaleujeur lantaran numbuk di sue (taya kamarasan)
Contohnya : Nu matak hirup ramijud teh, bisa jadi ku lantaran manehna mah henteu ceehan

Hirup teu neut paeh teu hos pengertiannya terus-terusan geuring ripuh tapi teu maot ; hirup teu walagri terus-terusan
Contohnya : Karunya ka Mang Ohe teh, hirup teu neut paeh teu hos ; beak harta beak banda keur uubar ka ditu ka dieu

Huap hiji diduakeun pengertiannya ngirit-ngirit sagala kaperluan sapopoe, supaya bisa nyumponan kaperluan anak atawa saha bae anu perlu dibelaan
Contohnya : Sangkan bisa nyakolakeun Si Otoy ka paguron luhur teh, Emang mah teu sirikna huap hiji diduakeun 

Hudang pineuh pengertiannya teu jongjon sare atawa ngedeng (nu gering)
Contohnya : Karunya ka Mang Ato, meni hudang pineuh, komo lamun keur karasa panyakitna mah

Hudang tineuh pengertiannya il. hudang pineuh
Contohnya : Karunya ka Mang Ato, meni hudang tineuh, komo lamun keur karasa panyakitna mah

Hujan cipanon pengertiannya loba ceurik
Contohnya : Saprak ditinggalkeun ku salakina, meh unggal peuting manehna hujan cipanon

Hulu peutieun pengertiannya jelema anu leutik teuing sirahna henteu surup jeung awakna
Contohnya : Aya untungna Si Holmes mah hulu peutieun teh, sirahna hese kateunggeul ku lawanna

Hurip gusti waras abdi pengertiannya jaman feodal, raja senang sarta mulya rakyat cageur
Contohnya : Basa jaman Sultan Ageng Tirtayasa, Kasultanan Banten teh gemah ripah loh jinawi,Hurip gusti waras abdi

Hurung nangtung siang leumpang pengertiannya beunghar sarta dipake  ngaginding
Contohnya :  Saprak kawin jeung Jang Agus, hirup neng Imas robah saratus dalapan puluh darajat, jadi hurung nangtung siang leumpang

Hutang-hatong pengertiannya nyapirakeun hutang, daek bayar henteu entong
Contohnya : Hutang sakitu lobana ka urang teh, ku manehna mah di anggap hutang-hatong bae, dasar jalma teu boga kaera

Hutang salaput hulu pengertiannya loba pisan hutang nepi ka samar bisa kabayar
Contohnya : Si Ibro mah usaha teh taya kamarasana, kalah ka hutang salaput hulu ka bank

Dengan adanya Babasan Sunda Berawalan Huruf H Lengkap dengan Contoh dan Pengertiannya | Bahasa Sunda di atas tentu akan menjadikan kita lebih mengtahui lebih banyak lagi tentang babasan sunda yang ada di bahasa sunda. Semoga bermanfaat bagi pengetahuan anda dalam berbabasan Sunda.Informasi ini saya kutip dari buku yang ditulis oleh Drs. Budi Rahayu Tamsyah, Drs. Dadan Djuanda dan Dra. Tati Purmawati yang berjudul 1000 Babasan jeung Paribasa Sunda yang diterbitkan oleh Pustaka Setia.
Baca juga Contoh Teks Pidato Singkat yang lainnya
A
B
C
E
F
G
H

I
K
L
M
N
O
P
Q
R
S
T
U

Sekian informasi yang bisa admin sampaikan pada kesempatan kali ini mengenai Contoh Teks Ceramah Singkat ini, semoga ada manfaatnya untuk rekan semuanya, mohon maaf apabila informasi yang admin sampaikan ini masih jauh dari kata sempurna, untuk itu admin mohon kritik dan sarannya dari rekan semua, supaya informasi yang admin sampaikan selanjutnya bisa lebih baik lagi.
Silahkan diedit disesuaikan dengan kebutuhan.

Post a Comment for "Babasan Sunda Berawalan Huruf H Lengkap dengan Contoh dan Pengertiannya | Bahasa Sunda"