Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

Contoh Sisindiran Berbahasa Sunda Terlengkap

Campur Sari Com. Ketemu lagi dengan saya di campur sari com, kali ini saya akan menjelaskan tentang beberapa contoh sisindiran yang mana pada sisindiran tersebut di bagi menjadi beberapa bagian yaitu : Rarakitan, Paparikan dan Wawangsalan.
Nah dibawah ini penjelasan dari beberapa contoh Sisindiran:

1. Rarakitan

- Piwuruk

Sing getol nginum jajamu,
nu guna nguatkeun urat,
Sing getol neangan elmu,
nu guna dunya aherat.

Lamun hayang ulin beurang,
ulah make kaos kutang.
Lamun hayang hirup senag,
u;ah daek loba hutang.

- Sesebred

Rarasaan rek ka Lembang,
teu nyaho ka Cikabuyutan.
Rarasaan awak lenjang,
teu nyaho awakna gendut.

Kamari ka Pasirpogor,
ayeuna ka Sukasari.
Kamari mah sentak-sengor,
ayeunamah sura-seuri.

- Silihasih

Hayng teuing kue bugis,
teu bisa ngasakanana.
Hayang teuig kanu geulis,
teu bisa ngakalanana.

Sapanjang jalan Ciboga,
moal weleh dipapaes.
Sapanjang can nyeubut bogoh,
moal weleh di-SMS.

2. Paparikan

*  Piwuruk

Hampulas raraga jati,
palataran babalean.
Iklas raga reujeung pati,
ngabelaan bebeneran.

Ka kulah nyiar kapiting,
ka nu bala ngala suluh.
Ulah sok liar peuting,
di sakola matak tunduh.

* Sesebred

Ngala terong jeung kalapa,
dibawa ka kebon cikur,
Nu gondrong jaman ayeuna,
teu wawuh ka tukang cukur.

Mawa kuda ka Cibabat,
mawa kalde ka Cigadung.
Mun urang jadi pajabat,
kahade ulah adigung.

* Silihasih

Aya meri dina rakit,
boboko wadah bakatul.
Lain nyeuri ku panyakit,
kabogoh direbut batur.

Boboko luhureun imah,
ninggang kana pileuiteun.
Ari bogoh tong ka semah,
lamun anggang sok leungiteun.

3. Wawangsalan

Kendang gede pakauman,
dag-dig-dug rasaning ati.
Wangsalna : bedug

Belut sisit saba darat,
kapiraray siang wengi.
Wangsalna : oray

Abdi mah kapiring leutik,
isin teuing ku Gamparan.
Wangsalna : pisin

Teu beunang dihurang sawah,
teu beunang dipakameumeut.
Wangsalna : simeut

Teu puguh monyet hideungna,
asa teu puguh tungtungna.
Wangsalna : lutung

Kembang bodas buah bunder,
ngaheuruk nya pikiran.
Wangsalna : jeruk.
Baca Juga Sisindiran Sunda | Conto Wawangsalan, Rarakitan Dan Paparikan Lengkap Lainnya

Nah, itu saja yang bisa saya sampaikan tentang beberapa contoh dari Sisindiran berbahasa sunda terlengkap, mudah-mudahan bisa bermanfaat bagi kalian semua, Contoh Sisindiran ini di kutip dari Gapura Basa Pangajaran basa Sunda Pikeun Muid SMP/Mts Kelas VIII, Kurda Basa Sunda 2013 Revisi 2017 yang di susun oleh Bapak Taufik Faturohman,spk..
Baca juga Contoh Teks Pidato Singkat yang lainnya
A
B
C
E
F
G
H

I
K
L
M
N
O
P
Q
R
S
T
U

Sekian informasi yang bisa admin sampaikan pada kesempatan kali ini mengenai Contoh Teks Ceramah Singkat ini, semoga ada manfaatnya untuk rekan semuanya, mohon maaf apabila informasi yang admin sampaikan ini masih jauh dari kata sempurna, untuk itu admin mohon kritik dan sarannya dari rekan semua, supaya informasi yang admin sampaikan selanjutnya bisa lebih baik lagi.
Silahkan diedit disesuaikan dengan kebutuhan.

Post a Comment for "Contoh Sisindiran Berbahasa Sunda Terlengkap"