Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

Contoh Pidato Berbahasa Sunda | Conto Biantara Dina Pasanggiri

CONTOH PIDATO BERBAHASA SUNDA | CONTO BIANTARA DINA PASANGGIRI




Assalamu'alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.

Sampurasun.

Bapa miwah ibu rengrengan pangajen anu ku simkuring dipikahormat.

Bapak ibu pangaping miwah hadirin sadayana anu sami-sami ku simkuring dipikahormat.

Langkung tipayun simkuring manjatkeun sukur ka yang agung, rehna urang sadayana tiasa ngariung, pateupang lawuh paamprok jonghok dina kasempatan anu kalintang saena.

Simkuring nangtung di dieu, ampun paralun sanes bade culangung. Sanes bade mapatahn ngojay ka meri. Nanging hiyon ngadugikeun hiji, perkawis anu tiasa janteun heunteu sabataha, nanging kalintang penting. Nyaeta mgawangun nagri raharja.

Seueur anu lali, atanapi tiasa janteun heunteu uninga, rehna ngawangun nagri raharja teh tiasa dikawitan ti diri urang sorangan. Sanes mung saukur niat sareng nekad, nanging disarengan ku prakna. Atuh dina prakna, tangtos bae kedah diluyukeun sareng kaayaan sareng kamampuhan. Kitu deui widang garapannana. Prak-prakan ngawangun nagri raharja Bapa Bupati, upamina, tangtos benten sareng prak-prakan Bapa atanpi Ibu Guru. Moal sami deuih sareng prak-prakan wakil rayat di DPR. Komo sareng barudak sakola sapertos simkuring mah. Anu kedah sami teh panginten paniatanana sareng patekadanana, sami-sami kagungan niat sareng tekad ngawangun nagri raharja.

Saestuna paniatan sareng patekadan anu sami, anu kedah janten dadasar kanggo hirup sauyunan teh. Sanes mung saukur abring-abringan sapertos manuk piit atanapi abrul-abrulan sapertos hama wereng. Sareng mung saukur patinggulubur nganggon saragem sapertos merak ngibing. Sanes mung saukur saur manuk nyebat akur sapertos tikukr. Nanging hirup sauyunan anu didasarran ku paniatan sareng patekadan anu sami ngawangun nagri raharja. Nagri urang sarerea, kanggo kapentingan balarea, sanes kanggo kapentingan diri sorangan, sewang-sewangan bari pakia-kia.

Paniatan sareng patekadan anu sami janten dadasar sauyunan sareng sabilulungan. Nanging dinan prakna mah, yteu kedah saragem, teu kedah sami. Margi eta hal gunmantung kana kamampuan, kaparigelan, sareng kaayaan masing-masing bae, luyu sareng pancen katut kawajibanana. Kanggo anu masih keneh sakola sapertos simkurng, upamina, pancen sareng kawajiban anu utamina mah, diajar, nyuprih elmu panemu. Saur Ibu Guru basa Sunda tea mah : nyiar piwulang tina luang jeung daluang. Diajar sareng nyiar elmu panemu kalayan soson-soson, enggoning ngaronjatkeun ajen-inajen diri anu  luyu sareng tetekon agama sareng darigama.

Memang ngawangun nagri raharja, taya lepatna upami dikawitan ti diri urang sorangan. Didasaran ku paniatan sareng patekadan anu henteu ngan mentingkeun kapentingan diri sorangan sareng kelompokna wungkul. Nanging paniatan sareng patekadan ngawangunkapentingan balarea, kapentingan anu langkung lega ambahanana, anu saterasna tangtos bae kapentingan bangsa sareng nagara enggoning ngahontal nagri raharja, anu dipikarido ku Guisti Alloh.

Rupina mung sakitu biantara ti simkuring. Hapunteun anu diteda, bilih aya kekecapan anu kirang merenah, bilih aya cariosan anu kiramg pantes.

Sasieureun sabeunyeureun, mangga nyanggakeun.

Wassalamu'alaikum Waraohmatullohi Wabarokatuh.

Post a Comment for "Contoh Pidato Berbahasa Sunda | Conto Biantara Dina Pasanggiri"