Skip to content Skip to sidebar Skip to footer

Tentang Biantara Bahasa Sunda | Mikawanoh Biantara

TENTANG BIANTARA BAHASA SUNDA

Biantara nyaéta hiji kedalan jeung susunan anu alus pikeun ditepikeun ka jelema loba. Conto biantara nyaéta kawas biantara kanagaraan, biantara ngabagéakeun poé badag, biantara pembangkit sumanget, biantara pangbagéa acara atawa event, sarta séjén sajabana. Biantara anu alus bisa méré hiji gambaran positif pikeun jalma-jalma anu ngadéngé biantara kasebut. Pangabisa pidato atawa nyarita anu alus di hareup umum / umum bisa mantuan pikeun ngahontal jenjang karir anu alus.


Mikawanoh Biantara

Biantara teh eta nyarita di hareupeun balarea. Contona biantara pamapag atawa sambutan dinma acara Mieling Ibu Dewi Sartika anu diteupikeun ku Pupuhu OSIS salhsahijina SMP. Tangtu beda eusina jeung biantara pamapag anu duiteupikeun ku PUpuhu Panata Calagara jeung Kapala Sakola, sanajn eusina mah moal jauh tina jejer acarana.

Upama ditilik tina eusin jeung adeganana, biantara teh diwangun ku tilu bagen nyaeta :

1. Bubuka Biantara

Bagian bubuka eusina ngucapkeun salam jeung sanduk-sanduk kanu hadir
Conto Bubuka Biantara nyaeta :

Bismillahirarohmanirrohim

Assalamu'alaikum Warahmatullohi Wabarokatuh.

Sadaya puji sinareng syukur, urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Agung, Nu Murbeng Alam, anu maha welas tur maha asih, heunte aya pilih kasih ka suggri anu kumelip di ieu bumi. Rohmat sinareng salam mugia didugikeun ka jungjunan urang sadaya, Kanjeung Nabi Muhammad SAW, ka para sohabatna, kulawargana, sareng ka jalmi-jalmi anu tumut ka manteunna.

Langkung tipayun sim kuring seja ngahaturkeun nuhun ka panata calagara anu parantos maparin waktos ka simkuring kanggo sasanggeum dina ieu acara. hapunteun anu kasuhun upami dina ieu biantara pamapag teh aya pisanggeum anu kitrang merenah, boh basana boh tatakramana

2. Eusi Biantara

Bagian ieu biasanamah ngebrehkeun pamaksudan biantara
Conto tina eusi biantara nyaeta :

Dina ieu waktos urang sadaya ngempel teh nya eta bade mieling dibabarkeunnana ibu Raden Dewi Sartika. Nembe oge ku saderek Pupuhu Panata Calagara parantos didadarkeun, naon marginan d sakola urang diayakeun ieu acara. Rupinan ku simkuring teu keudah dipedar deui perkawis eta mah, margi katerangan anu kakuping mung bade ngadugikeun pamapag kana lumangsungna ieu acara, minangka wawkil ti sakumna siswa.

Acara-acara anu bade dilaksanakeun dina waktos ieu teh teu kinteun munelna, sareng teu kinteun pentingna. Nembe oge parantos ditataan ku Saderek Pupuphu Panata Calagara, ieu acara teh baris direuah-reuah ku pameran sareng rupi-rupi pasanggiri. Tangtosna oge sakumna siswa tiasa ngiringan ilubiung saluyu sareng karep sewang-sewangan.

Simkuring, kalayan asmana rengrengan Pangurus OSIS, seja ngahaturkeun nuhun ka rengrengan panata calagar anu parntos tihotghat, ti ngawita ngarancang dugi ka deurna ngalaksanakeun acara dina dinteun ieu,. Numutkeun simkuring mah, ieu acara teh kaetang rongkah. Kitu deui ka Bapa Kapala Sakola, Bagian Tata Usaha Sakola, simkuring ngahaturkeun nuhun ku parantos luntur galihna kersa masihan panuyun sarenmg pangaping ka rerncangan panata calagara enggoning ngalaksanakeun pancenna.

Hadirin hormateun simkuring

Diayakeunana ieu acara teh minangka tawis panghormat sareng pangajen ka Ibu Dewi Sartika anu sakitu ageung jasana, utamina mah dina widang atikan. Jalaran kitu, simkuring umajak ka sadayana, sumangga ieu kagiatan teh urang mangpaatkeun kanggo ngarojong cita-cita sareng udagan urang sadaya. Ka sakumna patandang dina acara pasanggiri, simkuring ngadugikeun wilujeung tandang makalangan. Hanas eta aya anu hasil janten juata sareng aya anu teu acan hasil, teu kedah dipasualkeun, anggap bae eta teh hiji proses latihan. Sanaos kitu, ari daria mah tangtos bae tos sajedahna. Kitu deui ku diayakeun pameran, rupina ku urang tiasa duijanteunkeun bahan evaluasi anu tiasa dijanteunkeun dadasar kanggo ngaronjatkeun prestasi ka payunna.

3. Panutup Biantara

Ieu bagian teh biasana eusina sanduk-sanduk deui, sarta dipunggkas ku salam
Conto Pautup Bintara

Sakitu anu kapihatur, Boh bilih langkung saur bahe carek, bobo sapanon carang sapakan, hapunteu anu diteda.

Wassalamu'alaikum Warahmatullohi Wabarokatuh.

Post a Comment for "Tentang Biantara Bahasa Sunda | Mikawanoh Biantara"